Jumat, 06 Desember 2013

17 Pupuh Sunda

Tujuh welas pupuh teh nyaeta:

1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian,

deudeuh asih, nyaah.

2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.

3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman,

kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.

4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate,

atawa sumanget.

5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa

kanyeri.

6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun

atawa malaweung.

7. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah

ku pilakueun.

8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan,

deudeupeun, atawa kanyaah.

9. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari

nyindiran.

10. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi

banyol nu aya pikiraneunana.

11. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul

ku kalakuan sorangan, mapatahan.

12. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan,

sedih bari genes hate.

13. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede

harepan.

14. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu

kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.

15. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri

sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.

16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan,

era ku polah sorangan.

17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan,

kadeudeuh.

1. PUPUH ASMARANDANA

PIWURUK SEPUH

Ngariung di tengah bumi,

pun biang sareng pun bapa,

jisim abdi diuk mando,

husu ngupingkeun pituah,

piwejang ti anjeunna,

pituduh laku rahayu,

piwejang sangkan waluya.

Download Pupuh Asmarandana.MP3

2. PUPUH BALAKBAK

DAYEUH BANDUNG

Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,

gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-

alagreng,

tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-

garandeng.

Download Pupuh Balakbak.MP3

3. PUPUH DANGDANGGULA

MILANG KALA

Dinten ieu estu bingah ati,

ku jalaran panceg milang kala,

kenging kurnia ti Alloh,

rehing nambahan taun,

tepung taun umur sim abdi,

henteu weleh neneda,

ka Gusti Nu Agung,

malar umur teh mangpaat,

tebih bahla turta pinarinan rijki,

sumujud ka Pangeran.

Download Pupuh Dandangula.MP3

4. PUPUH DURMA

LEMAH CAI

Nagri urang katelah Indonesia,

diriksa tur dijaring,

sumirat komarana,

berkahna Pancasila,

ageman eusining nagri,

yu sauyunan,

ngawangun lemah cai.

Download Pupuh Durma.mp3

5. PUPUH GAMBUH

KADUHUNG

Kaduhung sagede gunung,

kuring sakola teu jucung,

lalawora resep ulin,

hanjakal tara ti heula,

ayeuna kari peurihna.

Download Pupuh Gambuh

6. PUPUH GURISA

SI KABAYAN

Si Kabayan lalamunan,

pangrasa bisa nyetiran,

motor atawana sedan,

poho keur eundeuk-eundeukan,

na dahan emplad-empladan,

gujubar kana susukan.

Download Pupuh Gurisa

7. PUPUH JURU DEMUNG

ADIGUNG

Lolobana mungguh jalma,

embung hina hayang agung,

hayang hirup mukti,

tapina embung tarekah,

tinangtu mo bakal nanjung.

Download Pupuh Juru Demung.MP3

8. PUPUH KINANTI

KANYAAH INDUNG

Kanyaah indung mo suwung,

lir jaladri tanpa tepi,

lir gunung tanpa tutugan,

asihna teuing ku wening,

putra teh didama-dama,

dianggo pupunden ati.

Download Pupuh Kinanti.MP3

9. PUPUH LAMBANG

WAWANGSALAN

Dialajar wawangsalan,

saperti tatarucingan,

cik naon atuh maksudna,

teangan naon wangsalna,

gedong ngambang di sagara,

ulah kapalang diajar,

keuyeup gede di lautan,

kapitineung salawasna.

Download Pupuh Lambang.MP3

10. PUPUH LADRANG

MOKAHAAN

Aya hiji anak bangkong leutik,

mokahaan,

maksudna ngelehkeun sapi,

nahan napas antukna bitu beuteungna.

Download Pupuh Ladrang.MP3

11. PUPUH MAGATRU

KASAR – LEMES

Dupi irung lemesna teh nya pangambung,

pipi mah disebat damis,

upami buuk mah rambut,

ceuli sok disebat cepil,

kasarna angkeut mah gado.

Download Pupuh Magatru.MP3

12. PUPUH MASKUMAMBANG

BUDAK JAIL

Anak manuk dikatepel budak jail,

jangjangna getihan,

rek hiber teu bisa usik,

duh manusa kaniaya.

Download Pupuh Maskumambang.MP3

13. PUPUH MIJIL

NUNGTUT ELMU

Najan cicing nya di tepiswiring,

kade ulah bodo,

kudu tetep nungtut elmu bae,

sabab jalma nu loba pangarti,

hirup tangtu hurip,

mulus tur rahayu.

Download Pupuh Mijil.Mp3

14. PUPUH PANGKUR

KA SAKOLA

Seja miang ka sakola,

rek diajar nambahan elmu pangarti,

pigeusaneun bekel hirup,

sabab mungguhing manusa,

kudu pinter beunghar ku elmu panemu,

komo jaman pangwangunan,

urang kudu singkil bakti.

15. PUPUH PUCUNG

TATAKRAMA

Mangka inget tatakrama sopan santun,

tanda jalma iman,

nyarita jeung amis budi,

da basa mah lain barang anu mahal.

Download Pupuh Pucung.Mp3

16. PUPUH WIRANGRONG

SIEUN DORAKA

Kuring moal deui-deui,

gaduh panata nu awon,

ngabantah nu jadi indung,

sieun dibendon ku Gusti,

kawas Dalem Boncel tea,

doraka ti ibu-rama.

Download Pupuh Wirangrong.MP3

17. PUPUH SINOM

TATAR SUNDA

Tatar Sunda estu endah,

lemah cai awit jadi,

sarakan asal gumelar,

amanat Ilahi Robbi,

titipan nini aki,

wajib dijaga dijungjung,

basa katut budayana,

padumukna luhung budi,

insya-Allah tatar Sunda karta harja.

Download Pupuh Sinom.MP3

Gapuraning Gusti, 1992.

Rumpaka Pupuh Asmarandana, Dangdanggula,

Kinanti, Sinom Tina Buku Wulang Krama karya Drs.

R.H. Hidayat Suryalaga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar